(Pupuhu PC. Pemuda Persis Sumedang Selatan)
Allah subhanahu wa ta’ala parantos
ngamulyakeun ka anak incu Adam tegesna manusa, sakumaha dina Q.S. Bani
Isroil(17) : 70.
۞وَلَقَدۡ
كَرَّمۡنَا بَنِيٓ ءَادَمَ وَحَمَلۡنَٰهُمۡ فِي ٱلۡبَرِّ وَٱلۡبَحۡرِ
وَرَزَقۡنَٰهُم مِّنَ ٱلطَّيِّبَٰتِ وَفَضَّلۡنَٰهُمۡ عَلَىٰ كَثِيرٖ مِّمَّنۡ
خَلَقۡنَا تَفۡضِيلٗا ٧٠
“Jeung saenyana Kami geus
ngamulyakeun ka turunan Adam, sarta Kami geus maparin tutumpakan di darat sarta
di laut, pon kitu Kami geus maparin rejeki ka maranehna tina rupa-rupa
kadaharan anu harade; jeung Kami geus munjulkeun maranehna kalawan pohara
punjulna batan makhluk-makhluk lianna anu ku kami diyugakeun”.
Mana kitu urang
teh salaku manusa leuwih mulya ti batan malaikat, jin, syetan, komo jeung sato
mah.
Ku kituna urang
salaku manusa ulah daek ngabalad jeung ngabaud jeung jin atawa syetan sabab eta
pagawean geus ngarendahkeun harkat, darajat, jeung martabat manusa nu geus di mulyakeun
ku Allah tea. Kitu oge lamun urang boga ingon-ingon sato ulah daek di jajah ku
sato nepi ka hudang sare, can mandi, can ka cai, komo dahar mah, langsung
nyekel sato, ngamandian jeung mere nyatu eta sato. Laku lampah samodel kitu teh
geus ngahinakeun ka diri sorangan, sabab manusa teh makhluk anu ngabogaan akal
jeung budi (mampu guasaan makhluk nu sejanna) kitu numutkeun Kamus Besar
Bahasa Indonesia hal. 714mah. Manusa teh ngawasa makhluk, lain dikawasa ku
makhluk.
Mun urang nalek
ka batur, nu kumaha ari jalma mulia teh? Jawaban na pasti rupa-rupa. Aya nu
ngajawab yen jalma nu mulya teh nyaeta jalma nu luhur kuta gede dunya. Aya oge
nu ngajawab jalma jegud, jalma jugala, jalma medah-meduh, jalma nu lubak libuk
loba kebon lobak teu ka lebok, beuru di juru beuro di panto ngalayah di tengah imah.
Eta sakabeh jawaban
oge bener, ngan saur Allah mah eta kabeh jawaban teh teu cukup, kudu di
barengan ku takwa. Jadi sagedengeun jegud teh kudu takwa oge, rada saleuheung
mun takwa tapi teu jegud, tapi mun jegud bari teu takwa mah lapur.
Allah subhanahu
wa ta’ala ngadawuh dina Q.S. al-Hujurot (49) : 13.
يَٰٓأَيُّهَا ٱلنَّاسُ إِنَّا خَلَقۡنَٰكُم مِّن ذَكَرٖ وَأُنثَىٰ
وَجَعَلۡنَٰكُمۡ شُعُوبٗا وَقَبَآئِلَ لِتَعَارَفُوٓاْۚ إِنَّ أَكۡرَمَكُمۡ عِندَ
ٱللَّهِ أَتۡقَىٰكُمۡۚ إِنَّ ٱللَّهَ عَلِيمٌ خَبِيرٞ ١٣
“Yeuh
manusa! Saestuna Kami ngajadikeun maraneh ti hiji lalaki jeung ti hiji awewe,
jeung Kami geus ngajadikeun maraneh sasabaraha bangsa jeung sasabaraha
golongan, supaya maraneh silih pikawanoh. Saestuna jalma nu pangmulya-mulyana
mungguhing Allah mah nya anu pangtakwana di antara maraneh; saestuna Allah teh
Maha Uninga, Maha Ningali”.
Dina H.R Muslim
di tandeskeun deui
إِنَّ اللَّهَ لاَ يَنْظُرُ إِلَى صُوَرِكُمْ وَأَمْوَالِكُمْ
وَلَكِنْ يَنْظُرُ إِلَى قُلُوبِكُمْ وَأَعْمَالِكُمْ. رواه مسلم
“Saenyana Allah moal rek ningali
dedeg pangadeg
maraneh, jeung Allah moal rek ningali harta banda maraneh, namung Allah baris
ningali kana hate maraneh, jeung amal
maraneh”.
Dina
H.R BukhoriRosulullah kantos sasauran “Hai manusa! Ingetkaun,
saenyana pangeran maneh nyaeta hiji jeung saenyna bapak (karuhun maneh) oge
hiji. Kanyahokeun, saenyana teu aya kaleuwihan (disisi Allah) keur jalma Arab
ka bangsa Ajam (lian ti Arab), jalma Arab, teu aya kaleuwihan keur jalma kulit
bodas, teu oge aya kaleuwihan jalma kulit bodas ka jalma kulit hideung, kajaba
takwana”.
Dina H.R. Thobroni, “Kabeh jalma Islam nyaeta dulur. Teu
aya kapunjulan tihiji jalma ka jalma nu sejenna kajaba takwana”.
Dina H.R
Bukhori keneh Rosulullah nyebatkeun “Allah moal rek baris ningali
baju-baju jeung rupa maraneh, tapi nu bakal di tingali ku Allah mah hate jeung
amal maraneh”.
Ku naon pangna
nu di tingali ku Allah teh ngan hate jeung amal? Sabab mun bener hatena,
anggota awak nu sejenna ge bakal bener. Rosullullah kantos sasauran.
.......أَلَا
وَإِنَّ فِي اَلْجَسَدِ مُضْغَةً إِذَا صَلَحَتْ صَلَحَ اَلْجَسَدُ كُلُّهُ
وَإِذَا فَسَدَتْ فَسَدَ اَلْجَسَدُ كُلُّهُ أَلَا وَهِيَ اَلْقَلْبُ
|
“.....Kanyahokeun ku Anjeun yen
di jero awak teh aya sakeupeul geutih, lamun eta sakeupeul geutih teh hade,
mangka bakal hade sakabeh awak jeung lamun eta sakeupeul geutih teh rusak
mangka rusak sakabeh awakna. Eta sakeupeul geutih teh hate”.H.R. Bukhori
no. 52, Muslim no. 1599
Saur Imam al-Ghozali
tea mah ”Hate teh lir ibarat panglima perang sedengkeun anggota awak nu
sejenna, eta prajuritna jadi lamun hate na bener pinasti anggota awak nu sejenna
ge bakal bener”. (Al-Ghozali, Mukhtashor Ihya’ ‘Ulumuddin hal. 198).
Dina kasempetan
anu sejenna anjeuna ngaibaratkeun yeh hate ibarat raja. “Hate lir ibarat
raja anu ditaatan jeung pamingpin anu dipika ajrih. Jeung sakabeh anggota awak
lir ibarat rahayatna. Lamun hatena hade, mangka hade sakabeh awakna. Lamun
hatena lempeng, bakal lempeng oge sakabeh anggotana”. (Imam al-Ghozali,
Minhajul Abidin hal. 142).
Da’i kondang K.H.
Abdullah Gymnastiar nukawentar di landih Aa Gym nyebatkeun “Hate teh lir
ibarat teko, teko mah ngaluarkeun naon nu aya di jero eta teko”.
Mun di jero
teko eta teh eusina cai herang nya pinangtu nu bakal kaluar teh cai herang moal
mungkin cai enteh. Jalma ge kitu mun hate na bersih, pikiran, akhlak, akidah,
ucapan, sikep jeung paripolahna bakal bener, kitu ge sabalikna. Eta pisan nu ku
Imam asy-Syafi’i di pisangeum “bibir saurang jalma teh nuduhkeun kana
pangeusi hatena”.
Sasauran Imam
Syafi’i loyog sareng kasauran Imam al-Ghozali,“Kitu oge perkara hate.
Hate nyaeta raja keur anggota awak sejenna. Lamu rajana hade, rahayatna oge
hade. Kusabab kitu, hadena mata, letah, jeung beuteung, nuduhkeun hadena hate”.
(Imam al-Ghozali, Minhajul Abidin hal. 194).
Kacindekanna
jalma nu mulya teh nyaeta jalma nu bersih hatena tina pirang-pirang reureugeud
hate saperti syirik, pidik, jail kaniaya.
Anu kaduana, ku
naon pangna nu baris di tingali ku Allah teh amalna? Sabab amal eta jalma nu
bakal nganterkeun ka Sawarga. Mana kitu, ka cindekkana nu di sebut jalma mulya
teh nu bersih hatena tina pirang-pirang reureugeud hate saperti sirik, pidik,
jail kaniaya, tahayul, siyrik, khurafat jrrd, saterusna nu di sebut jalma nu
mulia teh nyaeta jalma nu bener amalna saluyu jeung conto ti Nabi jauh tina
Bid’ah. Rek naon wae bajuna, rek ti mana wae asalna, rek kumaha wae rupa jeung
warna kulitna asal eta jalma ngabogaan dua syarat tadi di luhur pinansti eta
jalma di sebut jalma nu mulya mungguhing Allah subhanahu wa ta’ala.
Ngaliwatan
keterangan-keterangan eta Allah katut Rosul-Na rek ngabewarakeun ka sakumna
manusa ulah rek leutik hate pedah manehna sangsara atawa tanpa daksa.
Katerangan di luhur nandeskeun yen dina Islam teu aya naon nu di sebut Rasisme,
sakabeh manusa sarua di hareupeun Allah subhanahu wa ta’ala.
Mun baheula di
zaman penjajahan di Indonesia khususna manusa teh di kelas-kelas aya Aom,
ningrat, agan, gegeden atawa raden, darah biru, bangsawan, rakyat jelata teupikeun
ka nu meunang sarakola, harita mah ngan ukur golongan gegeden hungkul rahayat
jalata mah jadi buruh kasar. Ku naon harita pangna kitu?, Ngahaja sangkan
rahayat Indonesia teh ararodob sabab golongan kafir penjajah hayang ngalanggengkeun
panjajahanna di Indonesia. Tah panginten kiwari mah nu kararitu teh tos teu
zaman deui. (Majalah Bina Da’wah No. 437 Dzulqoidah 1437 H / Agustus 2016 M
hal. 6-10).
Nilik dina
agama Hindu, manusa di kasta-kasta :
1.
Kasta Brahmana. Dina kasta ieu mah katingali dina ngaranna, mun ngabogaan
anak lalaki aran hareupna sok di mimitian ku Ida sedengkeun mun anak awewe sok
di aranan hareupna ku Idayu.
2. Kasta Ksatria. Dina kasta ieu katinggali dina aran budakna, mun ngabogaan
anak lalaki aran hareupna sok di mimitian ku Dewa, mun ngabogaan anak awewe sok
di aranan hareupna ku Dewayu.
3. Kasta Waisya. Dina kasta ieu katingali dina aranna, mun ngabogaan
anak lalaki aran hareupna sok di mimitian ku Gusti sedengkeun mun boga anak
awewe sok di aranan hareupna ku Gustiayu.
4. Kasta Sudra. Tah ieu mah kasta pangboyotna atawa nu pangrendahna
numutkeun pangkastaan Hindu, dina kasta ieu katingali dina aran budakna, mun
boga budakawewe atawa lalaki aran hareupna teh ku I, mun anak ka hiji di aranan
I Ngurah atawa I Gede, anak ka dua I Made, anak ka tilu I Nyoman, anak ka opat
I Ketut. Mun boga anak ka lima, genep jst balik deui ka aran nu ka hiji, dua,
jst.
5. Teu ngabogaan kasta nyaeta golongan Paria. (A.D.El.
Marzdedeq, Parasit Akidah hal. 101& Soerjono Soekanto, Sosiologi Suatu
Pengantar hal. 203).
Sakumna
pendukung Persib Maung Bandung mah tos teu bireuk deui ka penjaga gawangna nyeta
I Made Wirawan, tah eta kiper teh tos katohyan dina aranna ge yen manehna teh
asalna ti kasta ka opat nyaeta kasta Sudra, kasta nu pangboyotna dina kayakinan
agama Hindu.
Tuh, di agama
Hindu mah teupi ka manusa teh di kelas-kelas kitu, pan matak pikanyeuri hateeun
eta teh. Salian ti eta mun aya nu maot terus di ayakeun upara ngaben atawa
kremasi (di durukna layon) nu ngabeakeun waragad neupi ka ratus yuta malah
miliaran rupiah biasana ti golongan kelas kasta nu luhur hungkul, da kelas nu
handap mah cukup di kubur atawa disimpen di guha. Mana kitu iwal ti ngaran
nalika lahir, kumeleunang di alam dunya dug dugi ka maot ge urang bisa ningali
ngeunaan strata manusadi agama Hindu.
Simkuring
ngajelaskeun agama lian teh lain rek ngajeujeuleuh atawa ngawewejet agama batur
tapi ieu mah ngan sakadar studi komparatif mun ceuk bahasa legegna mah,
perbandingan wungkul yen agama urang mah agama Islam, agama nu pang punjulna
sangkan urang ngarasa yakin, jeung reueus ngageum agama Islam. Makana ulah aneh
di India kiwari loba jalma nu pindah agama ti Hindu ka Islam, sakumaha di
iberkeun ku majalah Risalah aya 300 warga Hindu India anu jadi Mualaf alatan di
Islam mah teu wawuh ka ngarannarasisme teh. (Risalah No. 2 Taun 53 Mei 2015
hal. 61).
Kiwari ku urang
kasakseni di luar negeri keur di mahabukeun “gerakan anti rasisme” tug dugi ka
pertandingan mael bal wae teu lesot ku “gerakan anti rasisme” eta. Mun dina hiji
pertandingan bal aya nu kanyahoan kalayan ngahaja boh pemaen, pelatih, atawa
pelajo ngalakukeun basa atawa peta nu “berbau” rasis, mangka eta jalma di
skorsing sasabara laga ku sabab pegaweanna eta. Saperti kajadian sababaraha
waktu nu geus kaliwat nu karandapan ku Luis Suares nalika manehna ngaluarkeun
basa nu “berbau” rasisme ka Patric Evra.
Sabenerna mah
barat teh geus tinggaleun jauh pisan ti Islam. Barat mah cik keneh
ngamahabuekun naon nu di sebut “gerakan anti Rasisme”, Islam mah pan tos 14
abad nu ka langkung.
أَرْبَعٌ فِي أُمَّتِي مِنْ أَمْرِ الْجَاهِلِيَّةِ لَا
يَتْرُكُونَهُنَّ الْفَخْرُ فِي الْأَحْسَابِ وَالطَّعْنُ فِي الْأَنْسَابِ
وَالْاسْتِسْقَاءُ بِالنُّجُومِ وَالنِّيَاحَةُ
“Aya opat perkara ti umat kaula tina
perkara jahiliyyah anu maranehna teu ninggalkeunnana; adigung adiguna ku
pangkat, nyawad jalma sejen kusabab nasabna (rasisme), menta hujan ku alatan
bentang baranang, jeung nyengceurikan nu maot”. H.R. Muslim.
Kumaha carana
sangkan harkat, darajat, martabat urang di ronjatkeun ku Allah subhanahu wa
ta’ala? Cobi tingal Q.S al-Mujadilah (58) : 11
يَٰٓأَيُّهَا ٱلَّذِينَ ءَامَنُوٓاْ إِذَا قِيلَ لَكُمۡ تَفَسَّحُواْ
فِي ٱلۡمَجَٰلِسِ فَٱفۡسَحُواْ يَفۡسَحِ ٱللَّهُ لَكُمۡۖ وَإِذَا قِيلَ ٱنشُزُواْ
فَٱنشُزُواْ يَرۡفَعِ ٱللَّهُ ٱلَّذِينَ ءَامَنُواْ مِنكُمۡ وَٱلَّذِينَ أُوتُواْ
ٱلۡعِلۡمَ دَرَجَٰتٖۚ وَٱللَّهُبِمَا تَعۡمَلُونَ خَبِيرٞ ١١
“Yeuh jalma-jalma nu ariman! Upama
aya nu nyarita ka maraneh dina riungan-riungan: ‘Ngeser’, geura ngaleser maraneh
(mere tempat keur batur), tanwande Allah bakal ngaganjar ka maraneh ku kalaluasaan.
Jeung upama dicaritakeun; ‘jung narangtung!’ nya maraneh geura narangtung, tanwande
Allah bakal ngangkat sababaraha darajat jalma-jalma anu ariman jeung anu di
paparinan elmu di antara maraneh, jeung Allah Maha Uninga kana saniskara anu ku
maranehna dilampahkeun”.
Alhamdulillah
ka imanan mah tos ngancik dina ati sanubari, sumarayah dina jero manah, kantun nambihan
ku elmu pangaweruh. Kangge nambihan elmu pangaweruh tiasa ku alatan naon wae,
tiasa ku ngaos buku, majalah, buletin, artikel, ngadangukeun pangaosan jrrd.
Pami tos aya 2 syarat eta tandawe Allah bakal ngangkat harkat, darajat, jeung
harkat urang.
Ulah jauh-jauh
nyontokeun mah, dina pagawean ge panan ari gawe make elmu mah teu beurat, teu
cape, teu kudu ngaluarkeun waktu nu loba tapi hasilna muceukil. Bandingkeun
jeung jalma nu gawena teu make elmu, nya cape, nya panas, nya beurat, kasar,
waktu nu kaluar loba bari jeung hasil teu sapira. Ieu mah ngan saukur conto
lain hartina pangawean kasar teh hina, da sakabeh pagawean ge hade satungtung
eta pagawean teh halal.
Lamun urang
hayang ningali harkat, darajat, jeung martabat manusa sarua tangtunganna, tempatna
lain di pasar, di pasir, di reuma, di reumi, swalayan, pameran, kantor atawa di
kota! Tapi tingali di masjid. Naha pangna kudu di masjid? Sabab di kantor mah
teupi ka belut buluan, oray jangjangan ge moal kajadian direktur ngarendeng babareungan
jeung kelening servise, tapi di masjid mah pan manusa teh satangtung harkat,
darajat, jeung martabatna.
Naon wae
pangkatna, naon wae gelarna rek Profesor atawa SD wayahna nalika asup ka masjid
mah di buka sendal atawa sapatuna teu di wilah-wilah. Kitu oge mun diuk di
shaf, oweuh katangtuan shaf nu hareup khusus keur nungabogaan pangkat atawa nu
gelarna luhur, hartana loba. Saha we eta mah nu pangheulana datang ka masjid
meunang diuk di shaf panghareupan. Lamun seug mah di takdirkeun Bupati datang
paneuri wayahna diuk pangtukangna, mun panyawah datang tiheula meunang diuk
panghareupna.
Leubah nutup
orat kabeh ge sarua rek naon wae pangkat jeung gelarna. Teu di punjulkeun nu
beunghar buni, nu miskin bulucun, ah sarua we nutup orat mah mun lalaki ti
semet bujal teupi ka tuur minimalna. Pon kitu deui pas rek sholat nu miskin nu
kaya nyanghareup ka kulon. Timimiti presiden neupi ka tukang laden, menteri
atawa tukang meri, gubernur atawa tukang bajigur, bupati atawa tukang belati,
camat atawa tukang tomat, timimiti nu rayud neupi kanu reod wayahna nalika rek
sholat mah kabeh ge nyanghareup ka kiblat. Sok sanajan Buuk jabrig, awak
jeubrog, cokor jebrak, baju jibreug, lebah jumlah rokaat na sarua, mun lohor 4
rokaat keur nu miskin, nu beunghar ge sarua 4 rokaat. Mun di bedakeun mah atuh
karunya ka nu miskin ngareunah nu beunghar.
Samalah mah
dina jadi Imam sholat meunang ku saha wae rek nu beunghar, nu miskin, nu
ngabogaan gelar atawa heunteu nu penting ngarti kana bagbagan agama. Wayah na
lamun di takdirkeun imamna lulusan SD atawa jalma teu boga, makmumna jalma
beunghar tur boga gelar kudu ngilu gerakan imam. Ulah kena-kena imam na SD bari
jeung jalma teu boga eta makmum jadi teu daek nuturkeun gerakan imam. Khotib
Jum’at sanajan lulusan SD bisa mamatahan ka mustami nu pangkatna luhur, malah
bisa nyarekan sagala. Diluar masjid mah mana bisa jiga kitu teh pan ngarendeng
bareng ge boal bisa. Tah didieu endahna Islam mah bisa ngasajajarkeun harkat,
darajat, harkat manusa di “imah Allah”.
Anu kadua;
harkat, darajat, martabat manusa sarua nalika puasa. Apanan keur puasa mah rek
naon wae pangkat jeung gelarna wanci puasana sarua teu di wilah-wilah ti ngong
adzan Shubuh neupi ka adzan Maghrib. Mun di bedakeun mah karunya nu miskin
jeung nu pendidikan handap popolengkengan meren teupi ka tengah peuting. Leubah
laparna sarua nu miskin jeung nu beunghar ge lapar. Sugan nu beunghar mah
nalika puasa teh seubueh ah heunteu, sarua we lapar. Justru eta tujuanna puasa
teh sangkan jalma beunghar ngarasakeun kumaha laparna jalma nu miskin nalika
teu manggihan kadaharan.
Nu katiluna;
harkat, darajat, martabat manusa sarua nyaeta di pajaratan atawa di kuburan.
Nalika jalma maot rek naon wae pangkat jeung gelarna di bungkus ku kaen boeh
bodas, 3 lambar kajaba jalma nu awakna gede. Sarua dikubur, jerona sarua. Sarua
di sanghareupkeun ka kiblat.
Samalih mah
pami urang merhatatoskeun, H.R. Muslim“Ti Jabir, anjeuna sasangeum,
‘Rasulullah mahing nembok, ngadiukan, jeung di wangun wangunan di luhureun
kuburan”.
Kitu oge dina H.R.
Abu Dawud, Baihaqi, Nasa’i “Ti Jabir anjeuna sasangeum, ‘Rosulullah nyaram
di wangunanna kuburan atawa di tambahan aksesoris, di tembok.”-Sulaiman bin
Musa nambahan- ‘jeung di tulisan di luhurna”.
Dina H.R. Tirmidzi
& Daruquthni “Ti Jabir, anjeuna sasangeum, Rosululloh nyaram
ngeunaan di tembokna kuburan, ditulisan, di wangun wangunan di luhurna, jeung
ditincak”. (langkung jentre perkawis masalah ieu, cobi tingal Risalah al-Janaiz
Ilmu & Praktik yasana Ust. Wawan Shofwan Sholehuddin hal. 175-176)
Eces pisan dina
dalil di luhur ku naon pangna Rosulullah nyaram pisan kuburan di wangun
wangunan jeung di tulisan tetenggeur khususna, sangkan harkat, darajat,
martabat manusa nalika maot teh sarua di payuneun Allah subhanahu wa ta’ala.
Mun di wangun wangunan mah katingali keneh antara jalma beunghar jeung miskinna
teh. Ayeuna mah kusabab kalolobaanna kuburan teh di warangun malah teupi ka wah
wangunanna ge sahingga teu bisadi bedakeun mana nu di sebut astana jeung mana
nu di sebut Istana. Teupi ka jadi kaheureuyan mun aya kuburan nu di pager nandakeun
eta mayit keur hirupna jalma galak. Cacakan maotna wae di pager, komo keur
hirupna.
Kitu oge ku naon
Rosul mahing tetengger di tulisan, ke bakal katingali gelar jeung Bin atawa
Bintina mun kitu mah manusa nalika maotna masih aya keneh jungkeurang pamisah. Anu
di pika hariwang mah bisi engkena umat Islam teh kawas urang Yahudi jeung
Nasrani, kuburanna salian di tulisan ku aran eta mayit, di tulisan oge aran
indung bapana, tempat tanggal lahirna, alamatna, nomer hapena, nomer imahna,
make foto jrrd.
Nabi oge teu
ngajarkeun tahlilan, hiji, tujuh, natus, jeung nemuna, hikmahna sangkan manusa
harkat, darajat, martabatna sarua. Nu maot di tahlilan bakal katingali nu
beunghar jueng nu miskinna.
Dironjatkeunna
harkat, darajat, martabat manusa mah gumantung kana peupeulakan urang-urang
keneh. Mun melak cabe bakal jadi cabe, mun melak bonteng bakal jadi bonteng;
mun melak hade bakal jadi hade, mun melak goreng bakal jadi goreng. Ceuk babasan
Bahasa Indonesiana mah Siapa yang menebar angin, maka dia yang akan menuai
badai.
Allah subhanahu
wa ta’ala ngadawuh dina Q.S. al-An’am (6) : 132
وَلِكُلّٖ دَرَجَٰتٞ مِّمَّا عَمِلُواْۚ وَمَا رَبُّكَ بِغَٰفِلٍ
عَمَّا يَعۡمَلُونَ ١٣٢
“Jeung pikeun saban jelema baris meunang darajat (nurutkeun) anu
geus di amalkeunana. Jeung pangeran maneh teh teu talingeuh tina saniskara anu
diamalkeun ku maranehna”.
Dina H.R.
Bukhori & Muslim disebutkeun
قال رَسُولُ اللهِ صَلَّى الله عَلَيه وسَلَّم: خَيْرُ النَّاسِ
أَنْفَعُهُمْ لِلنَّاسِ
“Panghade-hadena
jalma nyaeta nu loba mere kamangpatan ka jalmanu sejenna”.
Lamun jalma
rajeun nulung kana butuh, nalang kanu susah, ngajait anu ti teuleum, nyaangan
kanu poekeun, tanwande eta nu di sebut jalma mulia anu baris di ronjatkeun harkat,
darajat tur martabatna, sok sanajan eta jalma teh pangkat jeung pendidikanna
teu luhur. Tapi mun jalma pedit mengkene, mere ge hese, merepet cap jahe, di
tambah buntut kasiran nu kitu mah lain jalma nu mulia sanajan luhur kuta loba
dunya. Bisa wae manusa nu sejenna ngaagan-agan soteh hareupeun, satukangeun mah
teu nutup kamungkinan meureupan, ngajeubian, bahkan mungkin ngaduakeun goreng
sok sanajan manehna jalma nu luhur kuta loba dunya.
Ka jalma model
kitu mahlamun aya bangsat rek ngagalaksak pakaya imahna terus kanyahoan ku jalma
sejenna moal di geureuwahkeun, malah di anteup bari pokna teh “peupeuriheun
ku urang heunteu, atuh pek tah ku bangsat-bangsat”. Mobilna tikusruk ka
jurang ge moal aya nu nulungan jalma samodel kitu mah, malah mupuas sabab “goreng
peupeulakanna”.
Ciri-ciri jalma
nu mulya teh di antarana mun sakalieun geuring loba nu ngalongok malah teu
saeutik nu bari jeung jangjangjingjing , barangkirim sagala rupa, ngaduakeun
sangkan gancang cageur sabihara-sabihari deui; mun boga hajat loba nu
ngabantuan samalah mah wani jeung ninggalkeun pakasabanna, nu anggangna
daratang, nu deukeutna araleut; mun rek pindah gawe, pindah imah, pindah sakola
loba nu ngulah-ngulah, teu saeutik nu nganteur ka tempat anyarna;mun boga kareureupet
loba nu nulungan; nalika maot loba nu nyolatan, ngadu’akeun, jajap ka pangjaratan,loba
nu leungiteun,kabayang jasa-jasana di sebut-sebut saban waktu. Tah jalma nu
model kieu cirina jalma nu mulia, jalma nu “hade peupeulakanna”.
Beda caritana lamun
aya jalma keur geuring saeutik atawa oweuh pisan nu ngalayad, jajauheun nu
barangkirim sagala rupa mah, komo aya nu ngaduakuen sing geura maot. Mun keur
boga hajat saeuti atawa oweuh nu ngabantuan, seug sakalieun aya nu rek
ngabantuan kudu di buruhan wae;mun pindah imah, pagawean, sakola, saeutik nu
nganteurkeun samalah keur dumuk keneh ge di arusir. Cingcirining eta jalma teh
“goreng peupeulakanna”, lain jalma nu mulya.
Mun boga
kareureupet oweuh nu nulungan. Dina ayana ge ka jalma nu kieu mah sok api-api
oweuh we ; pas maot saeutik, malah oweuh nu nyolatan. Seug aya nu daekeun
nyolatan kudu di ampelopan atawa di pulang ku beas sagantang. Malah ka jalma
model kieu teh nyebutna ge lain innalillahi tapi alhamdulillah. Komo kanu sok
ngadu di tumpangan duit make kartu gapleh mah nyebutna ge lain maot tapi modar,
pas di talek teh nembalna da eta ceunah pas keur ngabantingkeun balak 6 bari
ngomong modar, makana pas maot na teh ku masyarakat di sebutna ge modar lain
maot. Jalma model kitu nalika maotna loba nu atoheun sabab hayam geus teu kudu
di kalungkeun, panto geus teu kudu di selotkeun, jsb.HANCA.
Sumber Aosan:
1.
KH. Qomaruddin Shaleh saparakanca, al-Amin: al-Qur’an Tarjamah Sunda.
CV Diponegoro Bandung, 2003. Cet.X.
2.
Abu Abdullah Muhammad bin Ismail Bukhori, Shohih Bukhori.
Darul Fikr Bairut, 2003.
4.
Al-Ghozali, Mukhtashor Ihya’ ‘Ulumuddin, Edisi Indonesia: Mutiara
Ihya’ ‘Ulumuddin Riangkasan Yang Ditulis Oleh Hujjatul Islam. Pen:
Irwan Kurniawan. Mizan Bandung, 2000 Cet. X.
5.
A.D.EL.Marzdedeq, Parasit Akidah. Syamil Cipta Media
Bandung, 2005.
6.
Departemen Pendidikan Nasional, Kamus Besar Bahasa Indonesia.
Balai Pustaka, Edisi Tiga Cet. III. 2005.
7.
Imam al-Ghozali, Minhajul Abidin. Edisi Indonesia: Minhajul
Abidin Petunjuk Ahli Ibadah. Pen: Abul Hiyadh. Mutiara Ilmu Surabaya,
1995. Cet. I.
8.
Majalah Bina Da’wah No.
437 Dzulqoidah 1437 H / Agustus 2016 M.
9.
Majalah Risalah No. 2
Taun 53 Rojab 1436 H / Mei 2015 M.
10.
Wawan Shofwan Sholehudin, Risalah al-Janaiz Ilmu & Praktik,
Tafakur Bandung, 2006. Cet. I.
Soerjono
Soekanto, Sosiologi Suatu Pengantar. Rajawali Press Jakarta, 2015. Cet.
XXXXI.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar